Rabu, 30 November 2011

Sejarah Jawa Barat

NGADEGNA KARAJAAN ISLAM DI CIREBON
Di tatar jawa teh aya lima karajaan nu teu leupas tina sajarah nu patalina jeung sumebarna agama  Islam di Indonesia . Eta karajaan teh diantarana Demak, Pajang, Mataram, Banten jeung Cirebon. Cirebon teh sababaraha kali ngalaman parobahan ngaran. Mimiti “Saruban” terus robah jadi “Caruban” ieu kecap oge ngalaman parubahan jadi “Carbon”, nepi ka ahirna mah jadi Cirebon.
Disebut Caruban lantaran boh sumber lokal oge sumber asing nyebutkeun yan pendiri kasultanan Cirebon nya eta: Raden Walangsungsang alias Ki Samadullah hasil ngadatangkeun  pendatang. Daerah tegal alang-alang nepi ka jadi daerah nu kasohor sarta loba didatangan ku urang  Sunda, Jawa, Arab, jeung China nya nelah eta daerah teh kalawan sebutan “Caruban” nu hartina campuran. Salian ti campuran etnis, oge campuran agama.
Sedengkeun kecap Carbon, disebut-sebut ku para wali lantaran sabage “pusat jagat” , nu dianggap ayana di tengah-tengah pulo Jawa. Masarakat sabudeureun nyebutna “Nagari Gede” diropea deui jadi “Grage”. Aya oge nu  nyebutkeun Grage teh dipakaitkeun jeung tarasi. Grage asal tina kecap “Glagi” nu hartina udang garing.
Sedengkeun ngaran Cirebon mimiti  disebut-sebut nya eta ku Tome Pires, salah saurang akuntan Portugis dumuk di Malaka dina taun 1513 pernah datang ka Cirebon.
Nyaritakeun Cirebon moal leupas tina karajaan Pakungwati, Kasepuhan, Kanoman jeung Panembahan. Dua tokoh oge miboga peran penting nya eta Pangeran Cakrabuana jeung Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatullah).
Ari Pangeran Cakrabuana teh Uana Sunan Gunung Jati anu miboga kakawasaan di eta nagri sakaligus jadi cikal bakal ngadegna Karaton Pakung wati.
Basa taun 1527 Sunda Kalapa kacangking ku Fatahillah. Kocapkeun Syarif Hidayatullah anu digedekeun di nagara bapana, sanggeus dua puluh taun indit ngalalana ngadon guguru ka sababraha ulama di Mekah. Teu lami ti harita ramana pupus, ku lantaran anjeuna teu kersaeun ngagentos kalungguhan ramana nya diserenkeun ka rayina. Anjeuna mah milih indit ka pulo Jawa pikeun nyebarkeun agama Islam. Waktu Banten keur jaya sabage kasultanan nu berdaulat dina kakawasaan putra Ssuhunan Jati nya eta Sultan Hasanudin.
Sunan Gunung Jati  Hasil nyebarkeun agama Islam di Tatar Pasundan, ampir 2/3 wilayah Jawa Barat samemeh Banten misah. Ti mimiti taun 1678 dina wilayah perlindungan Banten Kasultanan Cirebon kabagi tilu nya eta: kahiji Kasultanan Kasepuhan, kadua kasultanan  kanoman, katilu Panembahan.
                                                (dicutat tina Sejarah Kota-Kota di Jawa Barat kenging Prof. Dr. Nina Lubis)